" Diajar Adil Tina Kaulinan"
Karya : Muhammad Faqih Rabbani
Kelas 6 SDN 2 Kutakembaran
Di hiji lembur anu asri, aya sababaraha barudak anu cicing di dinya. Jumlahna genep urang, ngaranna nyaéta Asep, Ahmad, Roni, Bagas, Raka, jeung Agus.
Dina hiji poé, nalika sonten, barudak éta keur ulin di buruan sakola SD. Maranéhna keur maén bal, terus dibagi jadi dua grup. Grup kahiji aya Raka, Agus, jeung Bagas; sedengkeun grup kadua aya Asep, Ahmad, jeung Roni.
Nalika barudak keur maén bal, ujug-ujug datang Eunsong. Anjeunna ngomong kieu ka barudak:
“Heh barudak, abdi hoyong milu. Kumaha upami abdi jadi wasit wae?”
Roni ngajawab, “Muhun, sok atuh. Jadi wasit gé teu nanaon.”
Teras barudak nuluykeun deui kaulinanana bari dimimitian ku piriwit ti Eunsong.
Nalika kaulinan geus dimimitian, Asep ngalakukeun palanggaran ka Bagas anu matak ngabahayakeun. Tapi Eunsong henteu mere hukuman ka Asep. Sabalikna, nalika giliran Bagas ngalakukeun palanggaran, Eunsong langsung ngahukum.
Bagas teu narima tuluy ngomong ka Eunsong:
“Heh Eunsong, kumaha ieu téh? Tadi Asep ngalanggar ka kuring henteu dibéré hukuman, tapi ari kuring ngalanggar langsung dihukum. Maneh téh teu adil!”
Ngadéngé kitu, Eunsong sadar tuluy langsung ménta hampura ka Bagas. Bagas ogé ngahampura bari ngomong:
“Engké mah sing ulah kitu deui nya. Urang sok ngahampura, tapi sing inget ulah nepi ka diulang deui.”
Eunsong nampa éta naséhat bari ngajangji pikeun leuwih adil.
Sanggeus kitu, barudak nuluykeun deui kaulinanana siga biasa, bari seuri jeung senang-senang. Sanggeus puas maén bal, maranéhna tuluy sarébu ka warung jajanan, tuluy unggal barudak balik deui ka imahna masing-masing.
Carita di luhur mere amanat yén urang kudu "adil" dina sagala hal. Dina kahirupan sapopoe, urang kudu adil boh dina omongan boh dina lampah.
Adil téh salah sahiji ajén anu aya dina Pancasila, nyaéta sila ka-dua: Kemanusiaan anu adil jeung beradab. Jalmi anu bisa bersikap adil tangtu bakal dipikaresep ku batur, bisa nambahan babaturan, sarta bisa ngahindarkeun tina pasalia pikir jeung pasalia paham.
Ku kituna, urang kudu salawasna diajar pikeun adil sabab adil téh bagian tina tingkah laku anu mulya.
Komentar
Posting Komentar