Karya : Muhammad Faqih Rabbani Kelas 6 SDN 2 Kutakembaran Di hiji lembur anu asri, aya sababaraha barudak anu cicing di dinya. Jumlahna genep urang, ngaranna nyaéta Asep, Ahmad, Roni, Bagas, Raka, jeung Agus. Dina hiji poé, nalika sonten, barudak éta keur ulin di buruan sakola SD. Maranéhna keur maén bal, terus dibagi jadi dua grup. Grup kahiji aya Raka, Agus, jeung Bagas; sedengkeun grup kadua aya Asep, Ahmad, jeung Roni. Nalika barudak keur maén bal, ujug-ujug datang Eunsong. Anjeunna ngomong kieu ka barudak: “Heh barudak, abdi hoyong milu. Kumaha upami abdi jadi wasit wae?” Roni ngajawab, “Muhun, sok atuh. Jadi wasit gé teu nanaon.” Teras barudak nuluykeun deui kaulinanana bari dimimitian ku piriwit ti Eunsong. Nalika kaulinan geus dimimitian, Asep ngalakukeun palanggaran ka Bagas anu matak ngabahayakeun. Tapi Eunsong henteu mere hukuman ka Asep. Sabalikna, nalika giliran Bagas ngalakukeun palanggaran, Eunsong langsung ngahukum. Bagas teu narima tuluy ngomong ka Eunsong: “Heh Eunson...
Komentar
Posting Komentar