Ngahontal Cita-Cita .

Penulis: Rostiana ( Kelas 6 ) Abdi diajar di kelas 6 SDN 2 Kutakembaran. Abdi gaduh harepan ageng jadi guru anu suksés. Kusumangat anu ngagudur hoyong jadi guru, abdi ayeuna soson-soson diajar supaya bisa ngahontal cita-cita. Abdi hoyong jadi guru anu tiasa ngabagikeun élmu. Janten guru téh padamelan anu mulya, ngajar jeung ngadidik murid anu aya di sakola. Upami di sakola abdi tekun diajar kana sagala rupi anu tos diajarkeun ku ibu sarta bapak guru. Abdi bakal ngahontal cita-cita ku diajar nu sumanget. Abdi gaduh rarencangan anu ngarana Cila. Cila téh saumur sareng abdi. Cila gaduh cita-cita janten dokter. Sanajan béda cita-cita abdi jeung Cila teteep jadi sobat dalit anu sok saréung bareng. Abdi jeung Cila sami asal ti kulawarga anu basajan. Saaatos abdi lulus ti SDN 2 Kutakembaran abdi jeung Cila neraskeun ka SMP. Kusabab hoyong ngahontal cita-cita abdi ayeuna soson-soson diajar maca buku jeung rajin be...